Sinopsis Novel Sunda Patepung Bandung Dicaritakeun hiji jalma ngaranna Kondi. Kulawarga si Kondi aya Ema, Bapa, Kondi, Kang Odong. Baheula panghasilan kulawarga si Kondi tina motret leuwih ti cukup saacan potret kelir can ngaranjah desa. Saanggeus usaha motret Bapa bangkrut, Bapa jadi dagang baso. Mimitina Bapa dagang baso di buruan SD, tuluy dagang diburuan SMP, tuluy dagang di sisi jalan. Geus kitu mah taak bae nyunyurung roda baso teh. Saangeus dagang baso Bapa teh jadi kuli nembok di Jakarta. Babaraha poe tina Bapa jadi kuli tembok di Jakarta, aya ambulan eureun harepeun imah. Bapa aya dina blngkar disimbut lawon belang. Bapa jeung Ema ribut wae, ahirna mah Bapa jeung Ema pipisaha. Ceuk pangadilan agama Bapa kudu mangnyienkeun imah keur Ema. Kang Odong teh kawin jeung ceu Iti. Hiji poe si Kondi ulin ka kontrakanna Kang Odong. Peuting na teh ceu Iti ngalahirkeun. Anak na teh lalaki. Hiji poe aya beja anu pikarewaseun, nyaeta Kang Odong dibanda ku pulisi. Saangeus si Kondi lulus manehna digawe di pabrik aci bogana si Akiw. Dina hiji peuting si Kondi rek ngaganti cai dina gelas. Pohara ngagebegna pas ningali Bapa ngajolopong dina amparan kasur, Bapa teu usik teu malik. Si Kondi teh aya niatan rek digawe di kota. Dina hiji poe si Kondi ditawaran gawe ku mang Mahmud. Si Kondi teh satuju gawe di kiosna mang Mahmud. Mimitina di kota si Kondi teu bisa sare di jongko teh, tapi lila – lila mah bisa oge sare di jongko teh.